SAJAK SUNDA
DINA
PIDUA, HIJI CATETAN
Hiliwir
angin ngusapan dada
anu
keur manggih tunggara
halimun
ibun ningtrimkeun rasa
nitah
pasrah jiwa sumerah raga.
Taya
peuting taya beurang
léngkah néangan jalan keur mulang
lamunan
nganter harepan
ka
nu dipikasono, duka saha anjeuna
ku
hayang téh nyimpang dina
saban dua.
Duh
Gusti,
tebihkeun
diri tina kapait nu matak ngajerit
geura
cabut sagala perkara nu matak nyeuit
gera
pasihan diri kakiatan
sangkan
haté teu lungsé dina udagan.
Tasikmalaya,
2019
PANGHAREPAN
Harita,
mangsa
keur nganti anjeun
langit
bangun nu kiruh
tiis
ngahiliwir lir nu nyidem haleungheum
Teu
nyana geuning girimis ngaririncik
lila-lila
rongkah angin motah
dibarung
kilat patingjorélat.
Ku
hayang ieu diri nahan hujan
sangkan
panutan bisa datang
mapag
poé nyieuh balébat
nuturkeun
kahayang angin pangharepan
medarkeun
asih babarengan.
Tasikmalaya
2019
Resep....
BalasHapusMangga lajeng bu!